B. Daerah

Pertanyaan

Budak eta mah gede hate.Gede hate hartina

1 Jawaban

  • Gede hate hartina nyaeta sumanget, gede pangharepan atawa optimis. Dina basa Sunda gede hate teh kaasup kana babasan. Babasan teh mangrupa salah sahiji rupa tina pakeman basa. Pakeman basa nyaeta kekecapan atawa kalimah anu miboga susunan anu geus maneuh sarta hartianu geus maneuh oge. Nu kaasup kana pakeman basa nyaeta saperti babasan, paribasa, cacandran, pamali jeung kila kila.

    Pembahasan

    Dina basa Sunda aya dua ragam basa nyaeta nu disebut ragam basa hormat / lemes jeung ragam basa loma. Umuna kecap kecap nu aya dina pakeman basa ngagunakeun ragam basa loma. Kusabab di luhur disebutkeun yen pakeman basa teh nyaeta kalimah atawa kekecapan nu miboga susunan nu geus maneuh, kecap atawa kekecapan nu aya dina pakeman basa teu meunang di robah, ditambah atawa dikurangan.

    Di handap ieu nyaeta conto kalimah anu ngagunakeun babasan gede hate dina ragam basa hormat / lemes jeung ragam basa loma, anu nunjukkeun yen sanajan babasan gede hate teh naggunakeun ragam basa loma, tapi eta babasan bisa dilarapkeun boh dina ragam basa hormat / lemes boh dina ragam basa loma:    

    1. Budak pa lurah mah alus digawe dimana wae teh sok gede hate  (ragam basa loma)
    2. Putra pa lurah mah sae didamel dimana wae teh sok gede hate (ragam basa hormat / lemes)

    Ayana ragam basa dina basa Sunda teh lain pikeun ngabeda beda jalma, tapi pikeun ngahormat ka anu saluhureun atawa anu leuwih kolot, sarta ngajenan ka anu leuwih ngora atawa ka anu sapantar.

     

    Pelajari lebih lanjut

    • Patalina pakeman basa jeung kahirupan sapopoe https://brainly.co.id/tugas/8175337
    • Bedana babasan jeung paribasa https://brainly.co.id/tugas/12436631
    • Contoh paribasa Sunda https://brainly.co.id/tugas/2370812

    __________

    Detil Jawaban

    Kelas : III

    Mapel : Bahasa Sunda - Hormat Ka Kolot Jeung Ngajen Sasama

    Bab : 8

    Kode : 3.13.8

    Kata Kunci : Gede hate hartina

Pertanyaan Lainnya