B. Indonesia

Pertanyaan

membuat naskah drama dengan bahasa sunda 6orang???

1 Jawaban

  • TEMA : PERSAHABATAN

    Dina hiji waktu basa keur istirahat sakola, Amir, Budi, Dedi, Lia, Heny jeung Ida, murid-murid SMP Suka Pasundan, keur ngobrolkeun babaturanna, nyaeta Edi anu geus dua poe henteu asup sakola, jeung oge mindeng teu asup sakola dina poe-poe sejenna

    Amir : Ari Edi kamana nya geus dua poe teu kaciri aya di sakola, jeung deui asa sering pisan teu sakolana teh nya?

    Budi : Puguh ceunah teu bisa sakola sabab kudu ngabantuan indungna dagang gorengan, jeung ceunah era cana mayan duit sakola

    Dedi : Oh kitu Bud?, kumaha atuh, naha kira-kirana aya anu bisa ku urang dilakukeun?

    Lia : Aduh kuring mah asa sedih ngadengena, hayu atuh urang gancang "bergerak", pan geuning urang teh ari kana jajan teh asa teu aya kawaregna, sok sagala dibeuli, hayu ayeuna mah urang ngahajakeun papatungan keur Edi.

    Heny : Enya Lia, kuring mah satuju pisan

    Ida : Sok Lia wae atuh anu jadi bendaharana

    Lia : Eh sok kitu ari Ida mah. Tapi enya lah kuring mah siap jadi bendahara asal dipercaya bae ku sarerea

    Dedi : Piraku teu percaya ka Lia, pan memang ti baheula oge Lia mah spesialis bendahara (ceuk Dedi bari seuri)

    Budi : Enya atuh kuring oge bungah pisan urang miboga kanyaah ka babaturan urang.

    Heny : Ari babaturan anu sejenna kumaha?, alusna mah dibejaan supaya dana anu kakumpulna bisa gede.

    Ida : Enya eta mah pan bagean jeung tugasa Amir ngabejaan babaturan anu sejen mah

    Amir : Enya engke kuring salaku ketua kelas rek ngabejaan ka babaturan anu sejenna ngeunaan rancana urang ieu, mudah-mudahan rancana jeung niat urang diridhoi ku anu maha kawasa. Aamiin

Pertanyaan Lainnya